Sok hayang siga batur,,
tapi hanjakal teu ka ukur
Lain pedah teu ngukur ka kujur
ngabohong kadang leuwih hade ti batan jujur
Ceuk batur hideung, ceuk diri bodas
Beuki keueung, tapi katempo cekas
Poek hate tapi panon mah bengras
Bongan nafsu nu matak teuas
Niat ngajauhan, kalah ka maheutan
Sakapeung pura-pura pupusuhan
Padahal kedok,
Saukur nutupan
panceg nyucikeun bekas nyalahan
Duh..Gusti,
punten pang nutupkeun
punten bukakeun
jalan kanyaah Anjeun
---------------------------------------------------------
oleh:
-----------------------------------------------------







0 komentar:
Posting Komentar